Senin, 02 Januari 2012

Pupujian

    Anjeun pasti terang pupujian ? Pupujian nyaeta karya sastra dina wangun puisi nu make ugeran.
 Ciri-cirina :
1. Tungtung padalisan sami vokalna a-a-a-a
2. Dina unggal padalisan diwangunku 8-12 engang
3. Dina sapada diwangun ku opat padalisan
  Eusina mangrupa :
1. Muji ka Allah SWT
2. Riwayat nabi
3. Pangajaran agama
4. Nasehat pepeling
    Pupujian asalna tina sastra Arab terus asup kasastra sunda bareng jeung sumebarna agama islam
   dilatar sunda.

Conto pupujian :

"Eling-Eling Umat"

Eling-eling umat
Muslimin, muslimat
Hayu urang berjamaah
Sholat, shnlat, sholat

Eta kawajiban
Urang di dunya
Kangge bekel jaga urang di akherat

     Ayeuna anjeun pasti tos terang pupuian teh naon ? Bilih aya pananya mangga komentar saja, insya allah abdi bales. Hatur nuhun tos maca sareng ninggal blog abdi, bilih aya kalepatan hampura.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

- Komentar tidak mengandung unsur SARA akan dihapus
- Komentar tidak mengandung unsur Pornografi akan dihapus
- Komentar tidak mengandung unsur SPAM akan di hapus

Klik "Subscribe by email" untuk mengetahui balasan komentar secepatnya.